Saurnamah kanggo nyusun rumpaka pupuh, kedah ditarekahan supados luyu sareng jiwa. MP3 na tiasa didonlot di handapeun lirikna. Tujuh welas pupuh nu dimaksad teh nya eta:
1. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
2. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
3. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
4. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, atawa sumanget.
5. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
6. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
7. Juru Demung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
8. Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
9. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
10. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
11. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
12. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari genes hate.
13. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan.
14. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
15. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hate.
16. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, era ku polah sorangan.
17. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
PIWURUK SEPUH
Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.
Download Pupuh Asmarandana.MP3
DAYEUH BANDUNG
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,
gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng,
tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng.
Download Pupuh Balakbak.MP3
MILANG KALA
Dinten ieu estu bingah ati,
ku jalaran panceg milang kala,
kenging kurnia ti Alloh,
rehing nambahan taun,
tepung taun umur sim abdi,
henteu weleh neneda,
ka Gusti Nu Agung,
malar umur teh mangpaat,
tebih bahla turta pinarinan rijki,
sumujud ka Pangeran.
Download Pupuh Dandangula.MP3
LEMAH CAI
Nagri urang katelah Indonesia,
diriksa tur dijaring,
sumirat komarana,
berkahna Pancasila,
ageman eusining nagri,
yu sauyunan,
ngawangun lemah cai.
Download Pupuh Durma.mp3
KADUHUNG
Kaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.
Download Pupuh Gambuh
SI KABAYAN
Si Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.
Download Pupuh Gurisa
ADIGUNG
Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.
Download Pupuh Juru Demung.MP3
KANYAAH INDUNG
Kanyaah indung mo suwung,
lir jaladri tanpa tepi,
lir gunung tanpa tutugan,
asihna teuing ku wening,
putra teh didama-dama,
dianggo pupunden ati.
Download Pupuh Kinanti.MP3
WAWANGSALAN
Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna.
Download Pupuh Lambang.MP3
MOKAHAAN
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.
Download Pupuh Ladrang.MP3
KASAR – LEMES
Dupi irung lemesna teh nya pangambung,
pipi mah disebat damis,
upami buuk mah rambut,
ceuli sok disebat cepil,
kasarna angkeut mah gado.
Download Pupuh Magatru.MP3
BUDAK JAIL
Anak manuk dikatepel budak jail,
jangjangna getihan,
rek hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.
Download Pupuh Maskumambang.MP3
NUNGTUT ELMU
Najan cicing nya di tepiswiring,
kade ulah bodo,
kudu tetep nungtut elmu bae,
sabab jalma nu loba pangarti,
hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu.
Download Pupuh Mijil.Mp3
KA SAKOLA
Seja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti.
TATAKRAMA
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal.
Download Pupuh Pucung.Mp3
SIEUN DORAKA
Kuring moal deui-deui,
gaduh panata nu awon,
ngabantah nu jadi indung,
sieun dibendon ku Gusti,
kawas Dalem Boncel tea,
doraka ti ibu-rama.
Download Pupuh Wirangrong.MP3
TATAR SUNDA
Tatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja.
Download Pupuh Sinom.MP3
Gapuraning Gusti, 1992.
Rumpaka Pupuh Asmarandana, Dangdanggula, Kinanti, Sinom Tina Buku Wulang Krama karya Drs. R.H. Hidayat Suryalaga.
Sumber: http://www.sundanet.com
Update :
Hapunteun kasadayana perkawis pupuh Asmarandana tur pangkur link na leupat, sim kuring tos milarian ka unggal website, Alhamdullilah tos mendakan pupuh eta namung anu nyanyina teh Ida Rosida, 2 pupuh eta tiasa di download didieu:
Motif Batik Parang Alit
Rp.80,000.00
Kang Ahmad,
hatur nuhun, kanggo referensi pupuhna..
Ngiring nga download, peryogi kanggo pun anak.
Nyuhunkeun ijin oge website na di link ku abdi.
Salam
Sami sami Ibu, sering-sering weh ameng ka website Achmad
wassalam
Interesting article, i have bookmarked your blog for future referrence, thanks
kang,haturnuhun saparontosna.abdi tos ngadownload pupuh ti akang.Mung asmarandana teu aya,waktos didownload teh nu kaluarna gambuh,hatur nuhun
kang,, hatur nuhun,, tapi pupuh asmarandana na naha janten pupuh gambuh.. tadi di tingal Link url na geuningan salah hehe
aslm,kang asmarandana sareng pangkur teu aya gening,hatur nuhun
Walaikumsalam Ilham hatur nuhun sateuacanna, hapunteun telat reply, muhun ieu teh aya masalah sareng server tempat nyimpen files na, pupuh asmarandana sareng pangkurna bade di upload deui manawi tos kapendak deui Insya Allah.
Aslm,kmh kang,parantos sae serverna?kanggo download asmarandana&pangkur tea,htrnhn
kumaha ngadamel pupuh kinanti jeung babaturan eusina kuis
Aslm,kang parantos aya asmarandana&pangkur teh?abdi bd nyobi ngadwnload deui,htrnhn sateuacana
Parantos kang ilham, namung punten Pupuh versi Ki sunda na teu kapendak. janten digentos anu nyanyina ku teh Ida Rosida
Aslm,kang htr punten skali deui.asmarandana&pangkur nu ku Teh ida teh rupina sanes pupuh,tp kawih/tembang,hapunten kang,abdi ngarepotkn wae
Aslm,kang htr punten skali deui.asmarandana&pangkur nu ku Teh ida teh rupina sanes pupuh,tp kawih/tembang,hapunten kang,abdi ngarepotkn
Terima kasih Bapak, atas referensi pupuhnya. Saya mendownload untuk anak saya SMP, Punten saya bukan orang sunda, jadi musti banyak belajar. Tapi saya sangat mendukung pelestarian budaya asli Indonesia, termasuk Pupuh. Setelah saya pelajari ternyata mirip-mirip Tembang Mocopat dari Jawa. Bahasanya mirip-mirip, kalau menggunakan bahasa tingkat tinggi (bahasa halusnya/krama inggil)
Salam
Asmarandana aya di http://www.index-of-mp3.com/download-file.php?src=iw&name=Pupuh_-_asmarandana.mp3&link=Pupuh_asmarandanamp3.html
Pangkur silakan cari nomor 13 di http://www.4shared.com/dir/10721852/ecfd063/sharing.html
Assalammualaikum. Terima kasih atas postingannya, sangat membantu dalam mengerjakan tugas saya disekolah (SMP05 Bekasi). Semoga dapat jadi acuan belajar anak-anak dan pelajar lainya
Kang…hatur nuhun pupuhna abdi peryogi pisang kanggo di sakola….hehe..
kang..saurna aya pupuh anu enggal, etamah pupuhna saurnateh teu bebas wirahma….punten …upami tiasa pang informasikeun,,,
hatur nuhun pisan, pupuhna katampi pisan mugia janten manfaat
Sampurasuuuuuunnn… punten ka pribumi, manawi tiasa file mp3 pupuhna anu original, sanes kenging kompress. Hatur nuhun, marangga… bade icalan cau deui yeuh…
hatur nuhun pisan kang, sae pisan ngamumule seni budaya sunda…. abdi meni reueus sok sananos abdi pribadi teu tiasa sadayana pupuh, mudah-mudahan murangkalih sunda jaman kiwari keresa ngulik sareng ngajagi ieu warisan luluhur teh nya kang….
nuhun pisan tos ngabantuan abdi ngadamel tgas da abdi ge teterang knu pupuh
nuhun pisan teh yaaaaaaa
hehehehe
Kang… pupuh anu no 1 sareng anu no 13 lepat link na, pamugi enggal dilereskeun. margina simabdi peryogi pisan…. sareng pami tiasa mah Kilo bait anu ageung… margi anu alit mah kadanguna ngerebek
Hatur nuhun Kang AHMAD.. salah sawios pusaka ki sunda tos di donlot ku abdi.. mugi ieu pusaka tiasa lestari salalamina.
simkuring bade ngiring donlot sareng sajabana…. hehehhe
hatur nuhun kang…. mugi manfaatnya.. kanggo para murid yeuh…
XD
salah upload kang
naha asmarandana isina gambuh?
hatur nuhun nu kasuhun kumargi pribados kenging pupuh kangge nunjang pribados ngadidik murangkalih sd…!
hatur nuhun nu kasuhun kumargi pribados kenging pupuh kangge nunjang pribados kange tugas sakola…!
ahay
Ngahaturkeun nuhun pribados tos ngaunggah kana pupuh-pupuhna mudah-mudahan janten kabarokahan amiin
hatur nuhun, katampi pisan.
sakantenan nyuhunkeun eidi kango ngunduh.
salam kenal.
hatur nuhun a
Ngahaturkeun nuhun pribados tos ngaunggah kana pupuh-pupuhna mudah-mudahan janten kabarokahan amiin
aduh nuhun pisan ie elmu anu manfaat nuhun nnyak
asik tugasku beres de makasih yah!!!:)
As wr bade tumaros aki, ari pupuh teh kalebetna puisi atanapi carita, hatur nuhun kana penjelasan nana.
Was wr.
haturnuhun pa ahmad! tos tos lami abdi milarian pupuh! nembe kapendak ayna! hoyong diajar ah!
ikh panjangnya
Kang, hatur nuhun, nyuhunkeun widi hoyong dilink-keun ka blog abi, kanggo kaperyogian murangkalih.hatur nuhun.
Alhamdulillah bisa nyanyiin walaupun rada aneh
ari
boleh nanya gaa?? kalo yg termasuk kaasup kawih sama, tembang, pupuh, sinom.. pupuh 1 sinom satu.. itu tugas dari sekolah maksudnya apa ya??
pupuh nu kudu di pikareues, supados teu ical kujaman.
haduh di ksh tgs pupuh
hatur nuhun pisan
hatur nuhun
hhhuuuhhh….leganya,,gw di kasih tugas buat ntari pupuh kinanti,,tugas seni musik,untung aja ada google,jadi gmpg nyari dech..
adh di ksh tugas pupuh ni,,,,
hy aq ma nnya tntng pupuh ni
eh ap cih yg diimaksud sengan pupuh durma
nuhun atu kang..
kalau pupuh sunda asmarandana yg lain ada gk ??? yang jarang di ketaui sma orang soalnya aku suruh bikin sekarang haturnuhun….
tolong ya
soalnya aku bkn orang sunda
haturnuhun…
hatur nuhun Kang…
peuting-peuting maneh nyaring geus teu kuat hayang nyising hek kaluar sieun ku anying terpaksa modol dina piring
isuk-isuk maneh nyaring eta naon dina piring di sangka teh kue odading padahal tai anu peuting
dahar we ku maneh pan kue odading ngenah
hatur nuhun kang, sim abdi parantos ngadownlod 17 pupuh. mugia allah ngawales ku kasaean akang. aminn
nuhun pisan aki lagu na pedo lah mun dina emameun mah
hoyong di pangdameulkeun rumpaka kinanti…..
hatur nuhunnya ki
hatur nuhun kang,pami aya mah nyuhunkeun notasi laras tiap pupuh
hebat2
asalamualaikum wr.wr
kang htur nhun atos aya website ppuh na sae pisan
kang, hatur nhun kna infona muga-muga bae aya mangpaatna kapayunna………
Punten Kang…. ukeun ijin kanggo ngadownload, InsyaAlloh Link Akang di Tempel di blog abdi
hatur nuhun kang, abdi janten gaduh bekel kanggo murangkalih abdi jaga,,,,
tolong bikinin pupuh dong